SALIMAHA
Ku : Dadan Sutisna
Kanggo maluruh kecap nu hésé dihartikeunana kawas di luhur téh, sim kuring mah biasana maké opat padika: (1) muka kamus; (2) maluruh conto larapna dina kalimah nu geus nyampak; (3) babandingan jeung basa séjén nu padeukeut; (4) tafsiran, ku cara ngabanding-banding jeung kecap séjénna dumasa kana rucatan engang jsté. Ari nafsirkeun wungkul mah tangtos waé ageung risikona, sabab bisa méncog tina harti saenyana.
(1)
Dina amparan kamus nu geus medal, ukur F.S. Éringa nu ngamuat éntri _salimaha_. Kamus Hardjadibrata mémang nyatet éta kecap, tapi sumberna ti Éringa kénéh. Dina kamus yasana Éringa, *salimaha* téh sarua jeung *bongan*.
(2)
Can kapaluruh larapna éta kecap dina sumber tinulis mah. Tangtu lain hartina teu aya, bisa jadi teu acan kacukcruk, atawa éta kecap geus tilem mangabad-abad.
(3)
Dina basa séjén, kecap *salimaha* di antarana kapendak dina naskah Pakeman Cerbon (1768), ku Hazeu mah dihartikeunana téh nandang kasusah. Ieu harti téh teu pati géséh jeung dina kamus Jawa-Walanda nu disusun ku Pigeaud. Tuluy aya deui nu asup kana jangjawokan nu dipaké mulasara mayit, nu ieu mah sok dipaké di tatar Sunda, tapi sarua deuih tina basa Jawa/Cerbon. Aya deui kecap séjén nu padeukeut téh, nyaéta *analimaha* (sarua deuih cukcrukeun kénéh).
(4)
Bisa jadi *salimaha* téh asalna kecap kantétan, sabab réa pisan kecap nu geus karasa mandiri padahal asalna mah dua kecap. Contona, nurutkeun DK Ardiwinata mah, kecap *talangsara* gé kaasup kantétan. *Salimaha* bisa dirucat jadi *sa+limaha*, *sali+maha*, jsté. Naha aya patalina jeung *moha*? Duka tah. Tapi dina basa Sunda aya kecap nu geus ilahar, tur hartina sabanding jeung maksud di luhur, nyaéta *tamaha*. Mun ningal kana kamus Éringa téa, kecap bongan, salimaha, jeung tamaha, hartina sarua. Bisa jadi _salimaha_ téh aya patula-patalina jeung kasalahan (diri sorangan).
Kacindekan: sigana rada pantes mun kecap *salimaha* dipaké judul novél.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar