Mikawanoh Kaulinan Barudak
Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu
mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh. Aya kaulinan barudak anu
bisa dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé
kaulinan anu kudu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, ogé aya kaulinan husus
keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa
diiluan ku barudak awéwé jeung lalaki.
Upama urang nilik kana prak-prakanana, kaulinan
barudak téh aya anu kaasup olahraga tradisional, aya ogé anu leuwih deukeut
kana kasenian. Kaulinan barudak anu mangrupa kasenian biasana diwuwuhan ku
kakawihan. Galah, galah asin, galah sodor, atawa gobag mangrupa kaulinan
barudak anu kaasup olahraga tradisional.
Sangkan leuwih tétéla, kaulina bisa dipasing-pasing
kieu:
Dumasar ka awéwé atawa lalaki anu ngalakukeunana:
1. Kaulinan barudak awéwé, diantarana: simar, béklen,
anjang-anjangan, sondah, congklak, éncrak.
2. Kaulinan barudak lalaki, di antarana: gatrik,
papanggalan, langlayangan, kolécér, sorodot gaplok, jajangkungan, ngadu kéléci,
pepeletokan.
3. Kaulinan barudak lalaki, jeung awéwé, di antarana:
galah atawa gobag, oray-orayan, ambil-ambilan, ucing sumput, sapintrong,
boy-boyan, pacici-cici putri, empét-empétan, sasalimpetan, hahayaman, ucing
beling, cingciripit, peupeusingan.
Dumasar kana prak-prakanana:
Rupa-Rupa Wanda
Kaulinan Barudak
4. Anu dibarung ku kakawihan, di antarana: oray-orayan,
cingciripit, pacici-cici putri, pérépét jéngkol, slépdur, ambil-ambilan,
paciwit-ciwit lutung, eundeuk-eundeukan, pacublek-cublek uang, ucang-ucang
anggé.
5. Anu henteu dibarung ku kakawihan, di antarana: gatrik,
simar, ucing-ucingan, sorodot gaplok, anjang-anjangan, ngadu kaléci,
langlayangan, boy-boyan, sondah, congklak, galah, hahayaman, kobak, jajangkungan,
damdaman, bébénténgan.
Di handap aya katerangan singget ngeunaan sawatara
kaulinan barudak Sunda, boh nu kaasup olahraga, boh nu dibarung ku kakawihan.
a. Ambil-ambilan
Ambil-ambilan mangrupa kaulinan barudak awéwé jeung
lalaki. Dilakukeun ku lobaan, anu matak mikabutuh tempat anu lega. Salilana
arulin téh barudak bari kakawihan. Kakawihanana ogé disebut ambil-ambilan.
b. Gatrik
Gatrik mangrupa kaulinan barudak lalaki anu mikabutuh
tempat anu lega, lantaran biasana dilakukeun ku lobaan. Gatrik ngagunakeun alat
anu dijieunna tina awi dua teukteuk, sateukteuk awi anu pondok, sateukteuk deui
awi anu panjang.
c. Hahayaman
Hahayaman mangrupa kaulinan barudak awéwé jeung lalaki
mikabutuh jelema anu réa sarta tempat anu lega. Hahayaman dilaksanakeun dina
pakalangan anu mangrupa buleudan.
d. Oray-orayan
Oray-orayan mangrupa kaulinan barudak awéwé jeung
lalaki. Dilakukeun ku lobaan, anu matak mikabutuh tempat anu lega. Barudak
arulin bari kakawihan. Ari kakawihanana nya éta oray-orayan.
Istilah-istilah dina Kaulinan Barudak
a. Rupa-rupa
istilah dina kaulinan langlayangan
Kapakan = langlayangan
leupas/pegat sorangan henteu karana diadu.
Godos = langlayangan
keur diadu terus 1ésot/misah deui.
Nyasar = ngaduan
langlayangan batur lain tina gelasanana.
Ditataran = diulur,
dibéréan sina luhur.
Dikubet = dibetot
kalawan ngagentak dina diadu.
Digibrig = ngadu
langlayangan ku cara dicentok-centok, henteu loba ngulur.
Digombél = ngadu
diulur bari langlayanganana sina”hirup”.
Kebluk = langlayangan
hésé disarang-séréngna.
Gélényé = gampang
disarang-séréngna jeung teu daék anteng.
Gédég = ngapungna
kérétég (ngagibrig), biasana alatan tali timbana handap teuing.
Mayung = langlayangan
nanjung kawas payung.
Mumbul = langlayangan
nu leupas beuki ka luhur.
Nyéréng = malik ka
kénca atawa ka katuhu.
Nutug = langlayangan
nyirorot.
Wangkong = gambar
langlayangan.
Cacap = béak pangulur
tina golonganana.
Ngarucu = moro
langlayangan.
Rérénténg = bola/kenur
nu diberendil-berendil paragi ngabandang.
Ngabandang = néwak
langlayangan nu éléh ku langlayangan deui.
Ngarebol = megatkeun
(maling) benang/gelasan batur nu langlayanganana geus éléh atawa kapakan.
Gelasan = benang
seukeut husus paragi ngadu, biasana maké campuran bubuk beling, silikon, atawa
salatin.
Tali timba = tali
langlayangan antara beuheung jeung tungtung beulah handap
Rarancang = rangkay
langlayangan
Tali barat = benang
dina rarancang antara tungtung hulu jeung Jangjang
2.
Rupa-rupa istilah dina kaulinan kaléci
Blép : antep(angger) didinya upama kokojo kacandet ku jelema.
Céntang : nojo kaléci séjén kalawan tarik.
Diparét : ditojo
disakalikeun nepi kanu beunangna leuwih ti hiji.
Dur : supaya
dijauhkeun upama kokojo beunang (kacandet) ku jelema.
Dut : paéh
lantaran teu kaluar tina kalang pot.
Epék / Ngepek : ngeunakeun kana sisina sangkan ngadeukeutan anu séjén.
Golotok : nojo kaléci
séjén lalaunan.
Kalang : kalang
buleud atawa pasagi anu dipaké masang.
Kokojo : kaléci anu dipaké nojo.
Nyédét : kojo anu teu
nambleg.
Olés : nga ukur
keuna, henteu kaluar tina kalang.
Sigit : can kaluar
tina kalang nu diukur ku jempol.
Stan : nojo kaléci
bari nangtung.
Stik : keuna ku
dijeungkal, jadi teu kudu ditojo deui.
Tambleg : kokojo nu
cicing dina urut nu ditojona.
3.
Rupa-rupa istilah dina kaulinan sondah
Bintang: tanda hiji kalang anu geus beunang ku hiji pamaén.
Bulan
: tempat (biasana kotak tengah) anu meunang cabrek,
sarta manéhna bisa cabrek di dinya. Ari ku nu séjén kudu diluncatan
Cabrak: henteu
éngklé.
Kojo: biasana
mangrupa talawéngkar, anu dipaké ngalung kana kotak ku pamaén.
Midua: upama kojona
masing-masing dua.
Ombér: kalang
tambahan di luar kalang nu geus aya, pikeun ngabantuan pamaén ngajleng ka nu
jauh, upama nu deukeut geus dibintangan ku batur.
Istilah kaulinan
séjénna
Asin : istilah dina galah anu hartina meunang.
Bit
: kecap anteuran upama nyieun kasalahan teu meunang
hukuman
Cak
: kecap anteuran sangkan anu nyieun kasalahan meunang
hukuman.
Hompimpah:cara nangtukeun ucing, jsb. Méméh maén carana ku
namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeun.
Hong : istilah dina ucing-ucingan
dina ngabeunangkeun anu nyumput.
Ngokok
: nu jadi ucing teu daék jauh tina tempatna, teu daék
ngider néangan nu nyumput.
Suten : pikeun nangtukeun ucing atawa balad. Nu éléh jadi
ucing atawa nu meunang balad A, nu éléh balad B. Carana ngasongkeun cinggir,
curuk, jeung jempol. Cinggir (perlambang sireum) éléhna ku curuk (perlambang
jelema), curuk éléh ku jempol (perlambang gajah), jempol éléh ku cinggir.
Talawéngkar: sesemplékan barang
gagarabah (buyung, kenténg)
Daptar Pustaka
Taufik
Faturohman,spk.2017.Gapura Basa Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs
Kelas VII. Bandung. Geger Sunten.