KAMUS BASAJAN
KEKECAPAN ANU TOS LANGKI DIANGGO
(SAPAMASS-UNPAD:ANI. H)
1. ADUG LAJER: kaayaan hiji jalmi anu motah dugi ka sampéanana ogé teu daék cicing. Biasana bakating ku nyeri atanapi nyeri haté.
Conto:
Si Agus ceurikna nepika adug lajer basa ditinggalkeun ku indungna ka Arab.
2. ADUG SONGKOL: kaayaan hiji jalmi anu motah dugi ka salira sareng sampéanana teu daék cicing. Tiasa bari pepelengkingan ka payun upami patuanganana anu nyeri.
Conto:
Manéhna nepi ka adug songkol bakating ku nyeri beuteung.
3. ALEUM: rada ceudeum, kaayaan langit anu rada katutupan méga hideung.
Conto:
Ari aleum kieu mah moal téréh garing atuh moé rangginang téh.
4. AMARAYAH : kaayaan barang-barang anu teu patos arageung, anu seueur tur ayana di handap, sanés dina tempatna.
Conto:
Manéhna gancang mérésan anu amarayah dina tengah imah.
5. AMBURADUL: kaayaan barang anu seueur anu maruragan tina panyepeng atanapi tina bungkusna.
Conto:
Lantaran bedah bungkusna, atuh babawaan téh amburadul.
6. AMURATEL: kaayaan hiji barang anu jalaran rapet patingtarapel.
Conto:
Anclomkeun heula ramona kana cai méméh nyitak rangginang téh, ngarah teu amuratel.
7. ANCÉMON: kaayaan hiji jalmi anu calik wé di juru.
Conto:
Budak téh ancémon wé di juru, teu milu ulin jeung dulurna.
8. ANDEKAK : kaayaan hiji jalmi anu nuju sila, biasana mayunan tuangeun.
Conto:
Jang Éman geus andekak nyanghareupan paisan.
9. ANGKARIBUNG : kaayaan hiji jalmi anu nuju nyandak barang anu seueur, boh dina panangan kiwa, boh dina panangan tengen.
Conto:
Ari datang ka imah anakna téh teu weléh angkaribung manéhna mah.
10. ATAH ANJANG : kaayaan hiji wargi anu langki silihanjangan dugi ka méh teu kenal.
Conto:
Bakat ku atah anjang, mani teu apal, horéng anu mindeng ngobrol téh kapi alo.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar