Tatakrama Basa
PAGUNEMAN YAYAN JEUNG ADANG
Yayan | : | “Punten!” |
Adang | : | “Mangga! Éh, geuning Yayan. Mangga ka lebet, Yan!” |
Yayan | : | “Hatur nuhun, da moal lami ieu téh.” |
Adang | : | “Aya naon Yan?” |
Yayan | : | “Nu mawi, abdi téh dijurungan ku pun bapa, engké wengi Pa Sukmana dilulungsur linggih di rorompok, ba’da Isa” |
Adang | : | “Aya acara naon kitu, Yan?” |
Yayan | : | “Badé sukuran sakantenan wawanohan abdi sakulawargi sareng urang deui.” |
Adang | : | “Oh, muhun, ké didugikeun ka pun bapa. Kaleresan pun bapana teu acan sumping ti kantor, biasana sonten.” |
Yayan | : | “Muhun, hatur nuhun sateuacanna ogé. Abdi badé permios, seueur kénéh bujeungen.” |
Adang | : | “Ké, Yan, ulah rurusuhan. Cai-cai heula atuh.” |
Yayan | : | “Nuhun Dang, cekap ieu gé.sakantenan wé atuh Adang, engké wengi diantosan di rorompok, méh abdi aya batur.” |
Adang | : | “Insya Alloh Yan, boa engké sonten gé abdi ka bumi Yayan, nya ngabantos-bantos naon waé atuh.” |
Yayan | : | “Diantos pisan. Nuhun, Dang. Mangga atuh.” |
Adang | : | “Mangga.”
|
A. Mikawanoh Fungsi jeung Struktur Téks Paguneman
Paguneman téh obrolan silih témpas antara dua orang atawa leuwih. Paguneman, ngobrol atawa ngawangkong téh mangrupa hal anu mindeng dilakukeun ku urang dina kahirupan sapopoé. Ngawangkongna mah bisa jeung saha baé. Kitu deui ngeunaan jejerna, bisa ngeunaan naon baé. Dina karya sastra atawa drama, paguneman téh disebutna dialog.
Ari basa nu digunakeunana gumantung kana suasana jeung batur anu nyarita. Upama urang ngobrol jeung babaturan atawa jalma anu geus loma dina suasana anu loma (akrab) atawa teu resmi, biasana basa anu digunakeunana ogé basa loma. Tangtuna baé bakal béda upama urang nyarita jeung jalma anyar pinanggih, jalma nu pantes dipihormat, saluhureun, atawa dina suasana anu resmi. Biasana ragam basa anu dipakéna ogé ragam basa hormat (lemes).
Sanajan kitu, dina suasana anu loma (akrab) atawa suasana resmi, ayah al anu sarua kudu diperhatikeun ku urang dina mangsa keur lumangsungna pagunemnan di antarana:
1. Ngaregepkeun nu keur nyarita kudu daria.
2. Henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur, iwal dina kaayaan anu perlu pisan.
3. Nyarita kudu daria, sorana béntés, tétéla, wajar, henteu aya kesan saperti cowong.
4. Nyarita kudu antaré, henteu gancang teuing henteu ngayayay.
5. Naon anu dicaritakeun ku urang, henteu méngpar tina jejer anu keur digunemkeun.
6. Nyarita ngagunakeun lentong anu merenah.
7. Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah sarta pasemon anu marahmay.
Dina paguneman téh aya hal-hal penting anu gedé mangpaatna pikeun kahirupan urang, pikeun komunikasi dina kahirupan sapopoé, pikeun silihhargaan dina campur gaul jeung lingkungan sosial di sabudeureun urang.
Lamun diimeutan deui obrolan urang sapopoé, hég dirékam tuluy dituliskeun deui éta obrolan téh, urang bakal manggihan struktur anu maneuh dina galur obrolan téa. Kumaha mimitina, naon eusi obrolan jeung kumaha tungtungna atawa kumaha tamatna ngobrol téh. Kitu deui dina téks paguneman di luhur. Jadi, struktur téks paguneman téh kabagi jadi tilu bagian, bubuka, eusi, kacindekan (panutup).
B. Tatakrama Basa Sunda
Hidep geus maca, nyusun sarta molahkeun paguneman. Ari basa anu dipakéna nya éta ragam basa loma jeung hormat. Babagian ragam basa anu ngawengku ragam basa loma jeung basa hormat, disebutna tatakrama basa, baheula mah disebutna undak usuk basa.
Nurutkeun harti kecapna, tatakrama basa téh nya éta aturan sopan santun ngagunakeun basa. Lamun urang nyarita henteu make tatakrama basa hartina téh teu sopan.
Ari nu dimaksud tatakrama basa Sunda di dieu nya éta ragam basa Sunda anu dipakéna diluyukeun jeung kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana pikeun silihormat jeung siliajénan. Jadi maksudna lain pikeun ngabéda-bédakeun jelema, boh dumasar kana status sosialna, boh pangkatna, atawa turunanana.
Sakumaha anu geus ditétélakeun di luhur, sacara gurat badagna, kekecapan dina tatakrama basa Sunda téh diwangun ku ragam basa loma jeung ragam basa hormat. Ragam basa hormat diwangun ku ragam basa keur sorangan jeung ragam basa keur batur.
Tengetan geura béréndélan kecapna di handap!
No | Basa Loma | Basa Hormat keur Sorangan | Basa Hormat keur Batur |
1 | Anjang, nganjang | ngadeuheus | Natamu |
2 | Balik | wangsul | Mulih |
3 | Bawa, mawa | ngabantun | Nyandak |
4 | Béré, méré | Masihan, maparin | Ngahaturanan, ngalélér |
5 | Beuli, meuli | Mésér | Ngagaleuh |
6 | Beuteung | padaharan | Patuangan, lambut |
7 | Bikeun, mikeun | Masihkeun, nyanggakeun | Maparinkeun |
8 | Bisa | tiasa | Iasa |
9 | Cageur | pangésto | Damang, saé |
10 | Carita, ngomong | Nyanggem, sasanggem | Nyarios, sasauran |
11 | Cokot, nyokot | Ngabantun | Nyandak |
12 | Dahar | neda | Tuang |
13 | Dating | dongkap | Sumping |
14 | Déngé, ngadéngé | nguping | Ngadangu |
15 | Embung | alim | Teu kersa |
16 | Éra | isin | Lingsem |
17 | Eungap | sesek | Ampeg |
18 | Gering | udur | Teu damang |
19 | Gering parna | Udur répot | Teu damang wales |
20 | Gero, ngageroan | nyauran | Ngagentraan |
21 | Haying | hoyong | Palay |
22 | Héd, kotoran | Udur sasih | Kereseban |
23 | Imah | rorompok | Bumi |
24 | Indit | mios | Angkat |
25 | Jawab, ngajawab | ngawalon | Ngawaler |
26 | Kapilih | kapeto | Kaselir |
27 | Maot | Tilar dunya, ngantunkeun | Pupus |
28 | Ngajuru | ngalahirkeun | Babar |
29 | Ngaran | Wasta, nami | Jenengan, kakasih |
30 | ngendong | mondok | Ngawengi |
31 | Nyaho | terang | Uninga |
32 | Pénta, ménta | Neda, nyuhunkeun | Mundut |
33 | Poho | hilap | Lali |
34 | Reuneuh | kakandungan | Bobot, ngandeg |
35 | Sanggup | sanggem | Kersa |
36 | Saré | mondok | Kulem |
37 | Sunat, sunatan | ngaberesihan | Nyepitan |
38 | Tanya, nanya | naros | mariksa |
39 | Tawar, nawar | nawis | Mundut |
40 | Tempo, ténjo | tingal | Tingali |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar