Pages

Kamis, 18 November 2021

SAWANGAN KANA LALAKON KARNADI ANÉMÉR BANGKONG, RÉFLÉKSI DINA HIRUP NYATA, AJÉN LUHUNG NU DIPIBANDA

 



Unang Sumarna: 

SAWANGAN KANA LALAKON KARNADI ANÉMÉR BANGKONG, RÉFLÉKSI DINA HIRUP NYATA, AJÉN LUHUNG NU DIPIBANDA

   Pikeun kolot ayeuna, budak baheula, teureuh Sunda asana moal bireuk kana lalakon Karnadi Anémer Bangkong. Lalakon nu asalna tina drama sindiran nu dibungkus ku bobodoran alias komédi jaman Walanda ngajajah nagara urang ieu, awalna mah mangrupa seni drama nu dipidangkeun dina jaman harita ( 1930-an ). Lalakon ieu ogé diangkat ku dua sastrawan Sunda Soekria-Joehana (Yuhana ), sok sanajan aya kaahéngan di dieu, hébat kacida bisa ngajadikeun dua pamikiran jadi hiji carita. Ngan aya sawatara sumber nu nyebutkeun taksiran Yuhana nu mekarkeun caritana lantaran inyana nu aktip di dunya pamedalan, sedengkeun Soekria nu méré garis badag carita atanapi ideu caritana. Nya nu matak jleg wé jadi dua ngaran pangarang ngahiji ngajeblag dina buku citakan munggaran taun 1928 ku pamedal Dakhlan Békti, Bandung. Kulantaran loba nu mikalandep nya novel ieu dicetak nu kadua kalina dina taun 1963 ku pamedal Kiwari, Bandung. 

    Lalakon Karnadi Anémér Bangkong ogé kungsi difilemkeun kurang leuwih dina taun 85-an diputer di TVRI, tur mintonkeun kaparigelan ékting Kang Ibing salaku tokoh utama Karnadi jeung Paramitha Rusadi nu jadi tokoh Euis Awang layan maénna.

    Kiwari, utamana generasi Sunda entragan anyar, geus ampir teu mikawanoh ieu karya sastra nu mun bener dilenyepan mah ngandung ajén papagon nu luhung. Lalakon nu bisa digolongkeun kana parabel ieu nu sarua jeung lalakon séri Si Kabayan, mibanda ajén kahirupan nu jembar, di antarana waé mapagahan ka urang kana balukar hubud dunya, hawek ku harta jeung tahta, tur bisa ogé sok sanajan konotatif keuna kana paribasa lamun keyeng tangtu pareng jsté. Yap geura cuang pedar!

   Ringkesan lalakon Karnadi anémer bangkong téh ceuk buku Rusiah Nu Goréng Patut mah kurang leuwih kieu. Si Karnadi téh jalma sangsara. Gawéna ngala bangkong héjo alias suiké jang dijual. Ngalana téh sok mapay sawah ngobor jeung baladna, Si Marjum alias Si Enjum. Mun meunang téh sok langsung nyorowok...badag Njum! Cenah. Bari ditungkup digabrug tah suéb téh.

   Si Karnadi geus bogaeun pamajikan jeung budak dua. Nu awakna geus jiga papatong da kurnyat alias kurang nyatu. Dina hiji waktu Si Karnadi ka pasar tur nempo Nawangsih alias Euis Awang nu geulis. Si Karnadi katarik ati ku Euis Awang. Dasar lalaki leumpeuh yuni teu kaop nempo nu hérang, lat poho ka pamajikan, lat poho kana kaayaan yén manéhna téh jalma sangsara. Saterusna mah Karnadi nuturkeun Euis Awang nu mulang numpak kahar tug nepi ka imahna. 

   Sanggeus kitu Karnadi mikir kumaha carana sangkan meunangkeun nu geulis. Dipapatahan sangkan éling tur ngaragap diri ku Marjum gé basa balaka kana paniatanna teu nurut.Anggur Karnadi terus mikir kumaha carana bisa meunangkeun nu geulis. Antukna Karnadi meunang akal. Manéhna kudu robah panampilan kawas jalma beunghar supaya bisa dianggap satata jeung kulawarga Euis Awang. Nya manéhna dibantuan ku Marjum nu kapaksa mantuan duméh ka sobat medok, mimiti ngajalankeun rarancang munggaranna. Marjun dititah balik tur ngabéjakeun ka Usni pamajikanna yén Karnadi katabrak mobil. Tur kudu aya duit jang ngubaranna da dibawa ka rumah sakit. Hayam nu ngan hiji-hijina kudu dijual jang waragad uubar Karnadi. Kapaksa Usni ngaridokeun hayamna. Basa rék milu ka rumah sakit mah dicaram. Barabé nyebutna.

   Ayeuna manéhna geus boga bekel jang ngahélaran Euis Awang. Ayeuna tinggal ngajalankeun rarancang kadua nyaéta  nginjeum baju ménak, bedahan ka Juragan Sumtama jalma jegud di lemburna. Lantaran Juragan Sumtama mah jalma bageur nya anjeunna méré nginjeum bedahan sapangadeg malah jeung médalina sagala. Kocap bari maké bedahan Karnadi datang ka Dén Wira kolotna Euis Awang. Karnadi ngaku-ngaku anémer bangunan nu proyékna di ditu di dieu. Harita kolotna Euis Awang lir nu kasirep ku dangdanan, pangakuan majar anémer bangunan nu loba proyèkna, jeung obrolan Si Karnadi nu direumbeuy ku Basa Walanda. Ngaranna ge ganti lain Karnadi tapi ku ngaran Juragan Sumtama ngarah dipiandel. Nya antukna ditarima, saha atuh nu teu apal ka Juragan Sumtama nu kaceluk beunghar. Sok masing enya aya kapanasaran  na haté Euis Awang, naha anémer téh beungeutna goréng patut korodok jiga bangkong? Tapi dalah dikumaha deui, da geus kaputusan kolotna. Dén Wira yakin Juragan Sumtama kajajadén nu ceuk dongéngna luhur kuta gedé dunya ieu, bakal bisa ngajamin kahirupan Karnadi.

    Saminggu dua minggu mah oléng pangantén jeung Euis Awang nu cenah geus rangda. Hiji waktu basa ka pasar jeung Eulis Awang na mobil, kataraeun ku Usni nu keur barangmaén jeung budakna. Tapi gancang Karnadi nyebut nanahaonan urusan jeung nu barangmaén cenah. Hiji waktu Marjum gé datang nepungan Karnadi. Manéhna ngadongéng budakna Karnadi hiji geus maot alatan gering teu kaubaran da taya waragad keur ngubaranna. Karnadi embung balik. Tungtungna Marjum ngancam, mun Karnadi teu mulang, rusiah manéhna bakal dibolékérkeun ka Euis Awang. Nya antukna mah bari akon-akon rék nèang proyék nu di anu, geus lila kabolér majar téh, Karnadi mulang ogé ka imahna. Kasampak tèh Usni geus owah. Ngajubleg jiga batu. Ukur sasambat bari reumbay cimata. Budakna nu saurang deui gé cenah geus maot.

      Kocap kulawarga Euis Awang ngarasa deudeupeun, duméh geus lila Karnadi taya mulang, beungeut jiga bangkong-jiga bangkong gé da pernahna salaki, antukna Euis Awang nyusul-nyusul Karnadi. Tapi da pan tadi gé disebutkeun yén Euis Awang téh teu apaleun saha ari Karnadi nu saenyana, apaleun téh nya sapangakuan Karnadi nyaéta Juragan Sumtama. Nya ngaran éta pisan nu dipapaykeun ku Euis Awang. Geus kitu kuduna, Euis Awang mapaykeun Juragan  Sumtama kajajadén alias Si Karnadi ka lembur Si Karnadi. Nya ditarunjukeun wé ku warga ka imah Juragan Sumtama. Ngan pas papanggih jeung Juragan Sumtama Euis Awang langsung mundur. Ieu mah lain salaki abdi, cenah. Terus ditaranya salaki nyai jiga kumaha? Dijawab beungeutna gé korodok jiga bangkong. Cakakak Juragan Sumtama seuri bangun nu ngeunah basa disebutkeun kitu, pok nyarita, geus pasti Si Karnadi nu ngaku-ngaku manéhna. Pék dicaritakeun sababaraha minggu ka tukang Si Karnadi kungsi nginjeum bedahan sapangadeg ka manéhna. Dicaritakeun wé saayana ku juragan Sumtama yén Euis Awang geus katipu. Karnadi lain anémer bangunan. Tapi anémer bangkong alias tukang ngala bangkong. Gancangna carita Euis Awang datang ka imah Karnadi. Tétéla bener wé éta salakina. Harita Si Karnadi ngadadak owah. Belenyeng lumpat muru leuwi Sipatahunan ( Citarum ). Ngajleng maténi karep  neuleumkeun manèh di dinya. Tamat riwayatna.

  Tah kitu sinopsis lalakon Karnadi Anémer Bangkong téh.  Sakali deui mun dilenyepan salianti mibanda ajén hiburan, ajén éstétika kréatif nu onjoy, karya sastra ieu ogé mibanda ajén moral/ atikan nu luhur.

      Ajèn moral nu ku urang bisa diréfléksi atawa dipaké dina kahirupan nyata tina lalakon di luhur di antarana waé:

1. Ulah hubud dunya

     Hubud dunya alias dipoékeun haté jeung pikir ku guluburna dunya sanyatana pagawéan goréng kacida. Sifat materialis konstruktif nu loba dipidangkeun dina hirup kumbuh, utamana di pakotaan, mawa balukar goréng keur kahirupan. Pola pikir nu ngukur sagala- galana, malah kabagjaan haté ogé, aya dina matéri dunya, harta barana, perhiasan mahal, déposito ém ém an, gedong sigrong, mobil méwah, justru bisa ngusrukeun jalma kana jurang kaancuran. Loba nu ngahalalkeun sagala cara dapon meunang untung gedé. Loba nu iklas meuncit babaturan malah dulur sorangan nu penting duit ngahunyud, pangkat luhur, jsté. Urusan dosa na pamikirna nomber sakitu. Nu penting beunghar, nu penting sohor. Tunggul dirarud catang dirumpak. Ngeunah éhé teu ngeunah éon. Paduli sabudeureun cingkud, nu penting urang bisa dangah gagah leumpang. Tupa-tipu tungtungna jadi baju. Kawas na carita Karnadi, lantaran héroy ku guluburna haliah dunya kulawarga Dén Wira nepika poékeun haté ngadéngé pangakuan Juragan Sumtama kajajadén nu ngaku jalma beunghar, pemborong alias anémer bangunan nu kakayaanna bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah, nu disawang bisa ngangkat darajat hirup manéhna tina segi pakaya/ status sosial, padahal tétéla éta ukur tipuan. Hanjakal mah tara ti heula. Mun geus kajadian kakara sadar. Nya hubud dunya nu sanyatana bisa nyéréd manusa kana jurang hina jeung cilaka.

2. Lamun keyeng tangtu pareng

    Lalakon ieu ogé ieu ngajarkeun ka urang kudu keyeng lamun boga kahayang, sok sanajan dina lalakon ieu mah dilarapkeunna konotasi alias kana hal kagoréngan. Jalan nu disorang pikeun ngawujudkeun ngahontal angen-angenna ku jalan nipu. Kacida alusna mun hal éta dilarapkeun dina perkara nu hadé. Alloh geus ngajangjikeun sing saha nu ihtiarna keyeng, pasti bakal pareng. Man jadda wa jadda. If there is a will so there is a way. 

   Sok sanajan aya dina harti nèhatif tapi Karnadi ngajarkeun ka urang ku keyeng mah nu ceuk saréatna, duméh manéhna keur goréng patut, sangsara, boga anak pamajikan  deuih, bet bisa meunangkeun nu geulis. Sakali deui éta mah conto larap dina kagoréngan. Coba lamun dina kaalusan. Umpamana waè pikeun budak sakola nu belet nampa matéri pangajaran, lamun terus-terusan ngapalkeun jeung diajar keyeng, ulah teu céèhan, pasti bisa. Pèso kodol gé mun terus-terusan diasah bakal seukeut. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, tai cakcak dina huntu laun-laun mah dilebok, wkwkwk.

   Kitu deui misal nu kurang kaboga, tapi ngarobah cara hirupna ku leuwih segut usaha, dug hulu pet nyawa bari teu kendat ngadunga, insyaallah bisa robah. Alloh moal ngarobah nasib hiji kaom lamun lain maranèhna sorangan nu ihtiar ngarobahna.

   Tah  mun disambungkeun jeung wabah Covid 19 ayeuna mun kabéh pihak bisa keyeng narékahan nyingkahan saperti disiplin nurut kana protokol kasèhatan, atuh pamarèntahna mampuh adil ngajamin kahirupan  rahayatna salila nurut kana aturan pamarèntah pikeun disiplin, pasti pareng, sarérèa bakal meunang ngalawan sasalad Corona ieu. Leres teu?

3. Silih élingan jeung sobat nu sasar

   Hal ieu gé penting dina kahirupan. Perkara rèk ditampa henteuna mah ku nu diélingan kuma karep. Nu penting urang geus ihtiar.

   Saperti nu dilakukeun ku tokoh Marjum, nu ngélingan Karnadi, sok sanajan mimitina mah ngaberung nafsu antukna mah masing geus telat, nurut ogè. Alloh gé nitah ka urang sangkan paalus-alus paloba-loba dina kahadèan jeung silih élingan dina kasalahan jeung sasama.

4. Ulah leumpeuh yuni

    Komo butut kacida mun keuna ka nu geus laki rabi. Teu kaop nempo tarang hérang langsung héroy. Lat poho anak pamajikan. Kajeun ngawayuh. Palebah keur gagah, pas keur kutud, ceuk Kang Doel Sumbang gè, anu kolot ngorowotan, nu ngora tuluy nyakaran, lalaki nu kawalahan, ngadon nambru kékèhédan, éh kokosodan..héhé.

Intina ulah nempo nu lain tempoeunna, ulah metik nu lain petikkeunna. 

5. Hanjakal mah tara ti heula 

   Keur nafsu mah teu kapikir kumaha balukarna mun urang kitu mun urang kieu. Pangrasa asa gagah asa bener. Pas neumbag pasualan di tungtung kakara  sadar yèn urang téh geus ngaberung napsu kalawan teu mikir ka hareupna. Nafsu saharita téa. Poék sadetik. Padahal ceuk tembang gé, nafsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan. Cara kajadian Karnadi sanggeus kajadian pamajikanna owah, budakna sadua-dua maot lantaran ditambelarkeun ku manèhna, antukna sacara implisit Karnadi ngarasa hanjakal, kaduhung sagedé gunung, nepika jiwana kaganggu, déprèsi beurat istilahna, nepika bakat ku teu bisa nahan bangbaluh kahirupan manéhna iklas ngunclungkeun karep ka Citarum nepika tamat lalakonna. Matak sagala tindakan gé alusna kudu diutah dibeuweungkeun, dipikir dibulak-balik mémèh dilakukeun. Sing asak-asak nya ngéjo bisi tutung tambagana. Sakali deui hanjakal mah tara ti heula. Hanjakal ti heula mah nungtun domba, hég ditubruk ti tukang. Hanjakal aing ti heula, pasti nyarita kitu.

    Tah perkara-perkara nu dipedar éta mangrupakeun sabagèan ajèn moral luhung nu aya dina lalakon Karnadi Anémér Bangkong, nu kudu atanapi ulah diréfléksikeun ku urang dina kahirupan nyata. Wallohualam bissawab.

     Café Galuh, 050620

Tidak ada komentar:

Posting Komentar